Radio urang Sunda

Teubih ti lembur ge, sim kuring tiasa ngadangukeun radio Sunda…. radio-na urang Sunda.

http://radiobarayasunda.caster.fm/

Hatur nuhun kanggo kang Asep Iqbal, tos nga-bewara-keun link-na Radio Baraya Sunda.

Pupuh Kinanti jaman kiwari

Budak leutik bisa tweeting

Babaku tweeting-na peuting

Nguriling kakalayangan.

Retweeting nu aneh-aneh.

Bubuy Bulan — versi enggal

Bobodoran ala Kang Ibing

Sawewengi abdi teh ngemutan Kang Ibing nu tos teu aya sareng gojegan2 Kang Ibing nu kacida bodorna… Jenius bin gelo!

Tah ieu koleksi bobodoran tea asli ti Kang Ibing plus aya bodoran2 sakainget ala Kang Ibing. Hatur nuhun ka neng Keti nu tos nyumbang carita…. hatur nuhun oge ka sim kuring (hahaha) nu sok ngemutan nu heunteu2 :D

2 pamabokan ngobrol: “eta bulan atawa panon poe?” “bulan euy” “ah panon poe” “urang tanyakeun atuh ka bapa2 nu ngaliwat” “pa eta bulan panonpoe?” “duka atuh cep da abdi oge jalmi enggal”.

anu mabok nyetir mobil nabrak kios. nu boga kaluar: “teu kira2 nyetir teh!” nu mabok: “tong miluan siah, garasi garasi aing”.
Continue reading

Hariring Kuring

kanggo saderek nu keur rungsing pikir…
direkam nganggo iSight MacBook… saayana :)
mangga…

Teungah peuting, keur jemplang jempling
kuring nyaring, teu geunah cicing
hate meulang, sumoreang
buah ati lawas teu patepang

Cuang cieung, kuring sorangan
nunggelis di pangumbaraan
lieuk deungeun, lieuk lain
taya pisan tempat pamuntangan

Rek sasambat kasaha nyanyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan titipkeun nya diri
iwal ti ka Gusti Hyang Widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
ka Junjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pikir

Rek sasambat kasaha nyanyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan titipkeun nya diri
iwal ti ka Gusti Hyang Widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
ka Junjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pikir

Pileuleuyan

Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula

Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui

Ieu teh karya Mus K. Wirya (almarhum). Tos lami teu aya tembang2 sapertos ieu. Lirik sareng melodina sae, tumaninah ka hate, sedep kadanguna.

Aya rerencangan nu naroskeun upami abdi tiasa ngadamel piano kanggo tembang paporit bapa-na. Janten abdi teh ngaransemen ngadadak nganggo piano. Mugi2 tiasa ditampi.

Pileuleuyan (piano)

Wanci janari di Tempe

1:11 … wanci janari gede….

peuting meni jempling. teu kadangu sora sakedik acan.
mung hariring angin rumangsang. ngahaliwir ka tepas pengker pun rorompok.
peuting poek meni mongkleng. teu katingal sagurat acan.
mung panon bulan mah teu jalir jangji. caangna nyangray nyorot ka soca hate.

bentang nyorang…..

ah, tos heula…. teu tiasa neraskeun..
tunduh teu puguh…
sim kuring bade ngacay heula….

sakantenan, sateuacan abdi jajab ka pulau kapuk, abdi bade nyanggakeun Bubuy Bulan nganggo piano*

mangga didangukeun….

* punten upami aya kalelepatan, da ieu mah heuheureuyan…. direkam mung sakali jebret.

Ganti taun….. deui

Tos lami pisan kuring teu nyerat di pun blog. Ma’lum, sok sibuk teu puguh tea :)

Mung sadepa deui…. kuring bade ninggalkeun taun 2008. Ganti taun deui! Dina lepel personil (personal level, kitu, hehe), kuring oge ngadu’a mugi-mugi:

- kuring moal beuki teuing nundutan.. hehehe…
- kuring moal limpeuran teuing…. hihihi
- kuring moal pernah sa-ruang-an sareng jalmi nu beuki ambek atawa beuki h***t….hahaha..

Sakitu wae ah….. mangga ah…..
Wilujeng tepang taun nya sadayana! Mugi-mugi taun anyar teh mawa kabagjaan sareng karaharjaan…

p.s.
Mangga ditampi ‘oleh-oleh 2008′ ti kuring…… sanes nanaon, mung klip…. sanes klip kanggo kertas atawa buuk…:) klip ieu teh maksadna video clip. Kuring ngadamel ieu klip nyalira, nganggo seket (sketches) sareng poto sareng musik nu diracik di pun rorompok. Mangga ditampi……

Bubuy bulan

Kuring teh resep pisan tembang-tembang ti lembur….. alias lagu-lagu Sunda. Salah sahijina “Bubuy Bulan”…. Nyanggakeun…..ieu klip video kuring nembang Bubuy Bulan — disarengan ku gitar — di Arizona.

Hapunten, bagian kahijina teu karekam.

Wilujeng nyorang taun 2008

versi bahasa indonesia lihat: http://merlyna.blogspot.com/2008/01/selamat-tinggal-2007-selamat-datang.html
english version see: http://www.merlyna.org/blog/index.php/2008/2007/

angin peuting ngahiliwir. mapagkeun kuring ka taun anyar. yen emutan kuring kacangreud keneh ku taun 2007. taun nu pinuh carita. dongeng pikaseudiheun. dongeng pikabungaheun. dongeng pikaseurieun.

angin sumeleket. nyangkredkeun kamelang. rebuan gambar ngalanglayungan pun impenan. ti tempe ka yale. ti angkor di kamboja ka tokyo di jepang. ti manhatan new york ka jogja. namung gambaran lembur kuring, di dayeuhkolot, nu ngumalayangkeun angeun. ngucurkeun cimata simpe.

2007, taun nu pinuh kurnia……

wilujeng nyorang taun 2008!

Follow

Get every new post delivered to your Inbox.