kuring ngahaleuang
hariring kuring
tembang panutup
di titincakan ahir
kuring ngahaleuang
dingdang dingdeung
dina hiliwirna angin peuting
dina poek mongklengna dunya
kuring ngahaleuang
dina jemplang jemplingna janari
bari nginget nu kainget
ngahuleng, sataun geus kaliwat
kuring ngahaleuang
nembangkeun dua welas bulan
ngitung poe
tilu ratus genep puluh lima
kuring ngahaleuang
reueus ku taun nu kaliwat
ku berkah paparin Gusti
ku gede hampura jeung welas asih Anjeun-na
kuring ngahaleuang
dina haleuang pupuji
dina tembang pamusti
ka Gusti Hyang Widi
duh angin peuting
pangnepikeun hariring kuring
hiliwirkeun
ka Junjunan, nu dipusti-pusti
dayeuh kolot, 31 desember ‘98