Arsip Poéan: April 8th, 2005

hayang meuli sapatu beureum
kalah manggih sandel swallow
sirah teu benjut panon teu beureum
kuring lieur teu puguh la yauw

keur dahar jengkol di parapatan
dibaledog ku sandel swallow
sirah jangar otak teu jalan
ngeblog teh jadi kararacow

ensekede, 8 april 2005