hayang meuli sapatu beureum
kalah manggih sandel swallow
sirah teu benjut panon teu beureum
kuring lieur teu puguh la yauw
keur dahar jengkol di parapatan
dibaledog ku sandel swallow
sirah jangar otak teu jalan
ngeblog teh jadi kararacow
ensekede, 8 april 2005



4 Pairan
Teuing ah aing oge sarua LIEUR
Lamun lieur atawa sirah jangar eta hartina urang kudu loba Istighfar… Ingin kanu kawasa ngucapkeu kalimah tauhid. Sugan bae mun tilar dunya teh dina kaayaan Husnul Khotimah. sanes kitu? mangga cobi bae galih.
Cek kuring mah kalieur di jaman ayeuna mah jamak, justeru lamun teu lieur teh matak pikalieureun.. Obatna nu umum mah “Dagorin”, mun nu khusus “Antepin” sedengkeun nu istimewa “Dzikirin”. Mangga dicobi.
nuhun kanggo komentar2na..
)
ah sim kurang mah nulis ieu teh iseng2… haha… boro2 seurieus… dua rieus meureun
One Trackback/Pingback
[...] Wed 6 Jun 2007 Jangar 2.0 — Halodo di Tempe, Arizona Posted by missdayeuh under baceo , ngaco , jangar a sequel to Jangar 1.0 [...]