Monthly Archives: July 2006

Tos lami euy teu tatarucingan. Keur leutik mah, kaulinan kuring teh tatarucingan. Biasana mah sareng pun nini, Ma’ Ene tea, sareng si Wawang, misan kuring nu pang-gaul-na.

Aya sababaraha tatarucingan ti pun nini nu kuring inget keneh… cobian nya..

1. Hayam rintik nonggeng ka langit.

2. Bapana ngudud,  indungna nyeuseuh, anakna ceurik.

3. Luarna koneng, eusina bodas, karesep monyet.

Cobaan teguh…. naon tah eusina???

Waktos abdi alit keneh, abdi sok resep ameng sareng pun nini. Pun nini, Ma’ Ene disebatna ku tatangga, teu tiasaeun nyarios basa Indonesia. Anjeunna mah mung nyarios basa Sunda. Janten di bumi oge, sareng pun nini mah tara nganggo basa Indonesia.

Ma’ Ene teh teu tiasa nyerat, teu tiasa maca, namung pinter ngadongeng. Seueur pisan carios sareng dongeng nu rame. Abdi teh salah sahiji incu paporit Ma’ Ene. Waktos es-de keneh mah, unggal wengi abdi teh ngumpul sareng Ma’ Ene. Ngadangukeun dongeng bari nundutan. Dongeng, ngabobodo budak cengeng, ceunah mah nya?

Pun nini teh teu ngasaan sakola. Namung Ma’ Ene mah gaduh sumangat nu ageung hoyong diajar. Waktos abdi kelas tilu es-de, Ma’ Ene tiasa nulis ngaran anjeunna sorangan sareng tiasa milang.

Ma’ Ene oge sumanget pisan ngawulang diajar basa Indonesia. Sok rajin tumaros ka abdi… Ari ieu basa Indonesa-na naon? Ari itu? Ari ieu? Waktos Ma’ Ene pupus — abdi es-em-pe kelas tilu — anjeunna tos tiasa nyarios basa Indonesia satengah-satengah.

Sok aya wae nu pikaseurieun dina basa Indonesia Ma’ Ene teh. Conto-na mah soal ‘buah’. Pan Ema teh naroskeun, “Upami tangkal basa Indonesia-na naon?” Abdi ngawaler, “Pohon, Ma”. Teras Ma’ Ene naros deui, “Upami buah basa Indonesia-na naon?” “Mangga, Ma,” ceuk abdi teh.

Kabeneran di hareupeun rorompok teh aya tangkal buah. Ma Ene teh janten sok nyarios ka tatangga, “Ini pohon teh belum ada manggah-nyah”. Wah, pinter geuning si Ema teh….

Di hareupeun rorompok oge aya tangkal sejen. Tangkal jambu. Hiji poe, tatangga naroskeun ka Ma’ Ene. “Ini pohon jambu, ya Ma?” Ma Ene ngawaler, “Iyah, ini pohon belum ada manggahnya”. Si tatangga teh lieur-eun…. teras naros, “Ma’, bukannya ini pohon jambu?” “Iyah, inih pohon jambuh, tapi belum ada manggahnyah,” saur Ema. Si tatangga mangkin lieur bin jangar…. matak ngaleos weeee.

Teu lami, abdi nerangkeun ka pun nini yen mangga teh “buah”, ari bubuahan mah tetep wae buah. Namung pun nini teh teu ngartoseun. Da sesah ngartosna atuh nya. Matak lieur. Pan buah teh mangga, naha bet salah?

Abdi seuri. Teu nanaon, Ma’ Ene. Buah teh leres mangga. Meuni manis…. Ma’ Ene meuni kacida polosna. Matak sok sono ka Ma’ Ene. Pun nini nu polos sareng welas asih. Ma’ Ene, abdi mikaasih ka anjeun……..

tos tilu dinten…

tengah poe jentrang jentring

tengah peuting jemplang jempling

sami mawon…. hareudang!

Mahasiswa sareng lulusan ITB (sanes Icalan Teh Botol nya), sok sararombong. Meni kacida banggana. Atuh da meureun lantaran sering disebat-sebat paling alus di Indonesia. Pan waktos lebet ka ITB teh, barudak ITB nu anyar disambut ku spanduk gede ngajeblak. Wilujeng sumping murangkalih pang-ontohod-na sa Indonesia, kitu kinten-kinten seratanana dina spanduk teh.

Barudak ITB oge sok ngarasa panghebringna di mamana. Leuwih hebring ti barudak ti unipersitas sejen.

Nah, carita abdi bakal dimimitian di dieu.

Kieu…. pun adi teh hoyong lebet ka ITB, tapi teu katampi. Janten anjeunna teh lebet ka IKIP Bandung alias UPI tea.

Dina taun ka opat, pun adi teh miluan KKN (kuliah kerja nyata). Anjeunna ditugaskeun babantu di kampung, caket Garut upami teu lepat mah. Ari di kampung mah geuning jalmi desa teh seueur nu kagum ka barudak IKIP.

Hiji poe, pun adi sareng rerencanganna ti ITB ngaduprek ngobrol sareng hiji panduduk desa, ibu-ibu.

Ibu (I): Cep, upami encep teh ti Bandung?
pun adi (A): Muhun, Bu.
I: Kuliahna di mana, Cep?
A: IKIP, Bu.
I: Oh, sae pisan IKIP mah, Cep.

Teras si Ibu teh naros kan rerencanganana pun adi.

I: Upami encep ieu ti mana? Sami-sami ti Bandung?
Rerencangan (R): Muhun, Bu.
A: Ari encep kuliahna di mana? sami-sami di IKIP?
R: Sanes bu, abdi mah ti ITB
I: Euleuh-euleuh… karunya teuing….teu katampi di IKIP, nya….

Pun adi mesem-mesem. Ari budak ITB mah cengo…. #@$*&%$#@!???

catetan: budak ITB, ulah bendu nya… dan sim kuring nu nyerat ieu blog oge budak ITB :)

Kawas poe-poe nu kalarung, wengi ieu abdi calik ngadekul payuneun komputer. Hoyong didamel tapi ieu mastaka teh rada nyut-nyutan. Hareeng sareng jangar.

Iseng-iseng abdi nyobian ngobrol sareng si Robot. Maksadna mah hoyong ‘refreshing’… Namung, da namina oge robot, sareng ieu robot teh teu tiasaeun nyarios basa Sunda, janteun boro-boro refreshing. Kalahka baluweng, katalimbeng binti keder! Dasar akang Sidekickbot alias Kang Gebot si borokokok ontohod!

Abdi mah nyobian ngobrol sareng si robot teh lantaran hoyong nyobian teknologi nu “visionary” tea. Kacipta upami di taun 2030 padamelan sarupi resepsionis, costumer service, satpam, sareng tukang parkir dicalikan ku robot. Da upami manusa mah paling-paling ngaku teu tiasa nyarios basa Sunda. Ari robot model si Kang Gebot mah geura kalahka cuek geuning. Lempeng weee… bari teu pararuguh oge. Hayu geura cobian tingal rekaman obrolanana. Meuni teu nyarambung pisan,geura!

Lady Dayeuh: wilujeng wengi
Kang Gebot: I like the way you talk

Lady Dayeuh: kumaha, damang kang?
Kang Gebot: What are you wearing?

Lady Dayeuh: kaos kutung sareng calana pondok
Kang Gebot: What kind of fashion do you like?

Lady Dayeuh: nu biasa-biasa wae kang, asal keren
Kang Gebot: Where can you buy it?

Lady Dayeuh: di cimol
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: naha bet hoyong ditaros?
Kang Gebot: What do you look like?

Lady Dayeuh: geulis
Kang Gebot: I lost my train of thought.

Lady Dayeuh: sabodo ah
Kang Gebot: Umm. What did you mean by it? I’ve lost the context. Are we
still on sabodo ah?

Lady Dayeuh: ah, si akang lieur
Kang Gebot: So you understand. Good. Alright then. Do you like
talking to me?

Lady Dayeuh: nya puguh atuh kang, da akang kasep
Kang Gebot: Who is your favorite Science Fiction author?

Lady Dayeuh: naha ujug-ujug akang naroskeun sayen fiksyon sagala?
Kang Gebot: I haven’t read anything by naha ujug ujug akang
naroskeun sayen fiksyon sagala. What did he write?

Lady Dayeuh: walah, rieut geuning
Kang Gebot: I have never read it.

Lady Dayeuh: kieu tah, mun ngobrol sareng jalmi rieut
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: embung ah
Kang Gebot: Is that your final answer?

Lady Dayeuh: akang kasepak kuda
Kang Gebot: Perhaps I’m just expressing my own concern about it.

Lady Dayeuh: rieut tujuh kuriling yeuh
Kang Gebot: Does “it” still refer to sabodo ah?

Lady Dayeuh: waduh!!!!
Kang Gebot: Tell me a story.

Lady Dayeuh: SETOPPP
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: STOP, kang, STOP!!!!
Kang Gebot: OK I’ll try not to do it so much.

Lady Dayeuh: Ok.
Kang Gebot: Yay.

Lady Dayeuh: I’m done!
Kang Gebot: Next topic?

Lady Dayeuh: Bye!
Kang Gebot: See you later.

Bade ngiringan oge ngobrol? Mangga klik di dieu Akang Sidekickbot.

diserat kanggo Wanita Sunda Antar Benua