Kuring nuju emok andeprok dina lawang panto. Ceuk kolot mah pamali. Nongtot jodo, ceunah. Ah, sabodo teuing…. nu penting mah tiasa ngainternet. Da atuh naha bet endet-endetan pisan internet wireless di hotel teh. GSM… Geser Sakedik Maot…

Duh, ngeunyah geuning…. nundutan bari heuay di lawang panto teh. Angin ting panghiliwir…. zzzzZzzzzzzzZZZzzzzzZzzzzz……..

9 Pairan

  1. neng gugah neng, ieu bapa bade lebet

  2. zzZzzzZZzz…hah?!?!?! aya naon? saha ieu teh? dimana?!?!?

  3. GSM teh naon ???
    urang ge kuduna gawe kalah macaan blog maneh,
    bari nundutan….lapar…tapi di malay dieu sarangna makanan berkolesterol tinggi ….
    Hese ari geus koyot teh Mer…tuang wae kedah milih…
    Tapi kamari jikan nyieun sambel tarasi jeung teri, jeung peuteuy…surga dunya euy !!!
    Tong nundutan euy…pamali, komo mumn di lawang panto Mall mah ditajong ku batur !!

    dadeu

  4. eta pan diserat di dinya: Geser Sakedit Maot!
    mugi2 wae nundutan di lawang panto Mall mah dipasihan artos seueur… disangken pengemis keren pan :)

  5. nepangkeun abdi Wieke…nuhun pisan…hiburan sakantenan ngalancarkeun.

  6. teh wieke, nuhun tos ameng kan pun blog.
    hayu lah urang internasionalkeun basa Sunda!

  7. AKUR!! ngan abdi ge tulunganeun..he..he abdi di Texas….sami lah panas jabi “humid” deui…eungap lah poko-na mah. ayi Mer, upami aya waktos diantos pisan e-mail na nya …..

  8. Punten…
    Teh, gaduh dongeng nu aheng..? Atanapi dongeng eta we Si buntung jago tutugan..? tunduh yeuh.. sugan we ari aya dongeng mah tiasa ….. tibra.

  9. Punten…
    Teh, gaduh dongeng nu aheng..? Atanapi dongeng eta we Si buntung jago tutugan..? tunduh yeuh.. sugan we ari aya dongeng mah tiasa ….. tibra.


Béré Pairan

*
*