Taya nu anyar. Dayeuhkolot mah disebut dina suratkabar atanapi koran teh mung ukur dina warta banjir atawa macet. Lembur kuring teh emang meuni teu aya bosenna banjir jeung macet. Unggal taun, kudu wae banjir sakali atawa dua kali. Meuni getol pisan kanu banjir teh. Ari macet mah tong ditanya. Teu banjir oge, Dayeuhkolot mah tos macet!

Kumaha teu macet. Jalan-na pan garehol bari seueur bolong jiga nu bopeng. enTreuk, angkot, jeung mobil2 pribados oge seueur pisan ngaheuheurin jalan. Da eta atuh, meuni seueur pabrik di Banjaran,  Majalaya, sareng di Dayeuhkolot, janten bubaran didamel mah kacida macetna.

Masih ceukas di imutan kuring, unggal enjing tabuh 7-an sareng sonten tabuh 5-an, jalan payuneun pun rorompok teh meuni heurin. Mobil, treuk, beca’, motor, beus sasarimpetan di jalan. Rieut!

Ah, iraha nya Dayeuhkolot bakal bebas tina banjir sareng macet? Mugi-mugi wae…. 5-10 taun kapayun aya kaajaiban. Ngimpen euy…… keun bae ah, ngimpen mah ngeunyaaaaah.

18 Comments

  1. Teteh Mer, abdi hoyong nepangkeun manah. :) Resep maos blog Teteh sadayana.

  2. nepangkeun teh, maos blogna janten emut ka pun nini :) ku abdi di link ka pun blog nya.

  3. script blog abdi nuju diutak-atik heula..aya lay out anu ngaco. ngangge IE parantos tiasa dibuka. mangga cobian…nuhun

  4. muhun teh ti kapungkur mula teu robih-robih, cileuncang semet suhunan teh tumiba wae ka lembur anjeun.

  5. pacarterbang: mangga atuh..bade dicobian deui :)

    biho: aduh karunya teuing…. kabanjiran pun lembur teh?

  6. nepangkeun ceu…..nyasar kadieu ti tatanggi sapalih….

    banjir mah teu dimana2….di jakarta nembean hujan 2 jam oge parantos tilelep…..

    hawatos mah pisan…..tapi duka atuh meni teu aya eksien na pisan nu di “luhur” teh…..

  7. maos blog si teteh ti panyabaan, euleuh meni waas..jadi ngiringan sono ka tanah sunda..

  8. ceu Nila sareng kang preman….. nuhun tos “nyasar” ka rorompok abdi…

    enya, sok waas, sono, sareng watir upami mikiran tanah air teh na…. jaba eta nu ‘di laluhur’ teh.. sok teu uyahan…. ooops.. :)

  9. sasasih kapengker abdi mulih ka endonesya, mung kitu we teu aya pangrobihan anu leuwih sae, harga kabutuhan poko nararaek, barijeung musibah teh aya we, banjir tea, longsor, angin puyuh, wah sok sieun ari kanu kaayaan kitu mah. jabaning kriminalitas meningkat, korupsi aya wae, dipaehan didieu… diditu aya deui, ah abdi mah ngadoa we ka gusti Alloh ngarah endonesya teh jadi nagara anu negunah dicicingan… amiin.

    • angga
    • Posted October 1, 2007 at 8:10 am
    • Permalink

    hidup macet, emang ayeuna mah dimana mana macet, teu di dayeuh kolot wae geningan nya, di rumah sakit oge macet… kmh atuh ieu teh???

    • majalayaku
    • Posted November 8, 2007 at 7:18 am
    • Permalink

    Ass, wrwb. nepangkeun simkuring ti majalaya
    http://www.majalayaku.wordpress.com
    haturnuhun

    • dwikarsa
    • Posted December 11, 2007 at 1:15 pm
    • Permalink

    Teteh teu hilap oge didayueh utamina di puser dayeuh “pasoalan sampah nu bau teuacan rengse” matak pami kapungkur dayeuh teh ka telahna kota kembang ayeunamah janten kota sampah (hapunten pami ngaraheut manah da kitu buktosna gening)…

  10. Salam. Aduh ngiring bingah, eta geningan aya urang sunda, urang baleendah deui, caket atuh di daerah ciparay. abdi ti kampung babakan-cikoneng. Pami ti ciparay bade ka bandung, baleendah pasti kalangkungan wae. Mudah-mudahan, silaturahmi urang sesama urang sunda tiasa terjalin. abdi oge sok sanajan urang sunda, tapi aneh, teu tiasa undak unduk basa anu sae. lewat blog ieu, abdi tiasa bertukar pikiran, elmu, pangalaman. terutami missdayeh gaduh pangalaman seueur ti manca nagara jeung ti tanah sebrang. bagi bagi atuh oleh-oleh pengalamanana. sakitu bae ah ti abdimah.
    yadi

    • majalaya
    • Posted February 14, 2008 at 2:10 am
    • Permalink

    11 Sikap yang Menjadi Penyumbang Kegagalan dalam Pekerjaan

    Semakin besar tanggungjawab seseoraang di dalam perusahaan, semakin banyak
    tuntutan yang harus dipenuhi.
    Selain pekerjaan yang harus dikelola sebaik mungkin, juga pendekatan yang
    baik harus dilakukan kepada para rekan kerja, atasan dan bawahan.
    Ada banyak orang gagal dalam pekerjaan hanya karena sikap-sikap di bawah
    ini:

    1. Arogansi: merasa diri paling benar dan yang lain salah
    2. Melograma: selalu ingin menjadi pusat perhatian
    3. Volatility: sulit ditebak, bersikap sesuai mood-nya
    4. Excessive Caution: takut mengambil keputusan
    5. Habitual Distrust: sikap yang selalu curiga kepada orang lain
    6. Aloofness: sulit dihubungi dan berkomunikasi dengan orang lain
    7. Mischievousness: peraturan dibuat untuk dilanggar
    8. Eccentricity: selalu ingin berbeda, sehingga terkadang dianggap aneh
    oleh orang lain
    9. Passive Resistance: tidak yakin dengan apa yang dia katakan
    10. Perfectionism: kebanyakan dianggap salah, hanya sedikit yang benar
    11. Eagerness to please: mengejar popularitas dalam setiap situasi

    Adakah Anda memiliki salah satu sikap-sikap di atas?
    Sebaiknya Anda memikirkan untuk mengelolanya dari sekarang.

  11. tolong dong ada bantuannya buat di daerah terpencil saya suka sering kebanjiran atas nama cucun haryadi maka buat camat di majalaya tolong perhatikan saya amat perhatin dengan kejadian ini

  12. kepada bapak daera,saya minta tolong dong..buat daera saya yg sering kebanjiran kususnya daera majalaya saya mohon minta bantuanya…

  13. kanggo camat majalaya, punteun perhatoskan masalah kompor gas 3.5kg, saur bapak jk, etateh gratis kanggo rakyat miskin, naha ari di lembur kuring kudu ditebus 20rb per kk, coba itung pak camat !!, abdi calik di desa panyadap, luruhnya bapak OTHCO, kumaha tah bapak !!!…..maenya kudu dilaporkeun ka KPK………

  14. aya deui yeuh….., punteun kanggo ka pak camat, pangdugikeun ka bapak HADE, perhatoskeun jalan anu di lembur kuring ( majalaya ) kumargi jalannya butut loba liang, jeung lamun hujun osok banjir, tah kamari basa keur kampanye bapak HADE, rek di beneurkeun, tah abdi nagih janji, kudu buru2 di tepati, mun heunteu rek di lengserkeun bapak HADE, jeung CAMAT majalaya sakalian……perhatoskeunnya…..

Post a Comment

*
*