a sequel to Jangar 1.0

Srengenge

sateuacan caranghang tihang
panon poe geus mawa caang
isuk-isuk telepon nyasar nyangsang
kuring kapaksa ngorejat hudang

musim halodo di tempe
sok matak ngabebete
sagala jadi hararese
matak hoream digawe

langit arizona gorowong
letah seuneu nyaronyob
ngahebos nyongkab angon
kuring jangar bari monyong!!!!!

lady day, tempe, 5 juni 2007, wanci ngampih laleur

2 Comments

  1. duh meuni sae eta puisi teh, ningan saya oge asli sunda teu tiasa damel puisi nu kitu.. wilujeung ah, kade ulah monyong wae…

  2. nuhun kang maulana…
    meureun sae teh gara2 jangar…. hehehe…

Post a Comment

*
*