Tos rada lami simkuring teu mulih ka lembur Dayeuhkolot tea. Tos sono, da parantos dua taun!

Enjing kuring bakal pung ngapung ninggalkeun Tempe, moal mulih nepi kan minggu ka-dua sasis Agustus. Mung moal nepi ka Dayeuh minggu ieu da kedah nyaba heula ka Hong Kong sareng Manila.  Kaping 29 sasis Juni pasawat kuring ti Manila bakal tepi ka bandara Jakarta teras dipapag-keun ku kulawarga/baraya kuring ti Dayeuh.

Ah, hoyong gancang2 nepi ka lembur!

10 Comments

  1. duuuh, kacipta bungahna nya….mulih ka dayeuh…..
    btw, aya dayeuhkolot, aya dayeuhngora kitu ? aya oge kadungora nya…..
    wilujeng murak timbel, balakecrakan ah

  2. parantos mulih teh?
    mampir atuh ka rorompok, saung sim kuring di lembur anu nyingkur.

    insya allah disayagikeun tutug oncom, sambel kelewek, pais beunteur..sareng anu utami, pais dage galendo…teu aya duana sa alam dunya..hehehe.

  3. Wilujeng sumping deui, Lady Dayeuh…

    Eh, naha pantes keneh “Lady Dayeuh” batan “Miss Dayeuh” mah.. he he..

    Eta ari Tempe teh ngaran kota kitu?

  4. euleuh geuning aya batur salembur urang dayeuh kolot…nepangkeun sareung simkuring ti palih kidul di Baleendah jelekong tea…

    :D mugia salameut di perjalanannya :)
    karaos pisan ku simkuring ari tos hoyong2 geura paamprok jonghok sareung para saderek di lembur teh hehe

  5. dupi ayi di dyk na dimana?

  6. mamah ani: dayeuhngora…. ieu pan abdi lady dayeuh ngora… hahaha

    pacarterbang: muhun, tos uih, tos kabur deui.. ari anjeunna bumina dimana kitu?

    DiN: muhun, eta miss dayeuh mah sapuluh taun kalangkung, ayeuna mah tos janten Lady Day.

    ari tempe mah rerencanganana si tahu apan :p

    duh Jungjunan: duh, meuni reueus.. ieu teh urang jelekong?

    agni: di cigereleng, teh…. caket jembatan tol mohamad toha.

    • Liezmaya.web.id
    • Posted August 24, 2007 at 2:15 am
    • Permalink

    sumuhun simkuring di jelekong…eta cakeut GIRI HARJA 3 tea geuning :D

    nepangkeun atuhnya teteh, simkuring nyungkeun widi masang link blog teteh :) Nuhun ah…tue HILAP
    MERDEKA!!!

    • dwikarsa
    • Posted December 11, 2007 at 12:58 pm
    • Permalink

    Duh bingah kacida bingahna pami tiasa patepang jonghok sareng kulawaargi nu tos lami teu patepang, siga simkuring nuayeuna nuju ngalakon di nagri pangumbaraan, sono pisan kanu namina karedok leunca sambel gandaria oge tuung peda…ehm..m..m

  7. liezmaya: teh Liez, nuhun tos dipasang link-na..

    dwikarsa: muhun kang.. bingah pisan. hanjakal pondok teuing di dayeuh na teh… teu acan nyobian sambel gandaria… :(

    • imgar
    • Posted August 2, 2008 at 7:24 am
    • Permalink

    hehe..lucu maca blog nganggo basa sunda. jadi asa waraas.. :p

Post a Comment

*
*