Sarupi kembang malati nu katincak kapopohokeun yen seungitna ngahaliwir ngarebak kamamana, saucap hampura merdekakeun hate nu kacangred
Sarupi ci hujan ngawasuh taneuh garing, sadepa hampura ngubaran hate nu nalangsa
Sakeclak hampura ngawaler kawih ati nu neang welas asih
Wilujeng boboron siam, saderek sadayanana
4 Comments
sami-sami lady day, mugi-mugi kenging rahmat sareng barokah ti Gusti nu Maha Suci, Taqaballalahu mina wa mingkum…………………
nuhun kang badboy…..
Aduh teh Mer basa sundana mani reueut ngageget manah, numatak tiasa ngeclakna cisoca rug - rugna pangampura kasaha wae di sungkeuna.
kang dwikarsa… nuhun pisan. ah, abdi mah teu acan merenah basa sundana…. ieu teh nuju diajar keneh.
Post a Comment