1:11 … wanci janari gede….
peuting meni jempling. teu kadangu sora sakedik acan.
mung hariring angin rumangsang. ngahaliwir ka tepas pengker pun rorompok.
peuting poek meni mongkleng. teu katingal sagurat acan.
mung panon bulan mah teu jalir jangji. caangna nyangray nyorot ka soca hate.
bentang nyorang…..
ah, tos heula…. teu tiasa neraskeun..
tunduh teu puguh…
sim kuring bade ngacay heula….
sakantenan, sateuacan abdi jajab ka pulau kapuk, abdi bade nyanggakeun Bubuy Bulan nganggo piano*
mangga didangukeun….
* punten upami aya kalelepatan, da ieu mah heuheureuyan…. direkam mung sakali jebret.
Posted by CG on Maret 3, 2010 at 10:54 am
bahasa apa sih ini? susah banget ngedekripnya. botak saya. sampe tombolnya juga di enkrip, ampoooown!
Posted by melly on Maret 3, 2010 at 11:04 am
ah, aya lady dayeuh di dieu geuningan. sokh atuh, mangga ngacay heula, urang mah bade ngadangukeun bubuy bulan-na we lah….
Posted by mer on Maret 3, 2010 at 6:37 pm
cg: ngga bisa ngengkrip ini blog? masa…. kirain punya tombol pengengkrip bahasa ajaib yang indah ini
melly: nuhun teh…. ieu teh pun rorompok nu lian. tos lami gaduhna mah, mung isin, teu beja2…. *euleuh, ieu acay meni sabaskom *jorse*….
Posted by kathy on Maret 4, 2010 at 1:38 am
adooowww…gusti, eta kecap “mung panon bulan mah teu jalir jangji. caangna nyangray nyorot ka soca hate” meni romantissss……*bari ngadangukeun bubuy bulan*
Posted by mer on Maret 6, 2010 at 5:05 am
kathy: romantis kitu? haha….. bade nyerat basa sunda nu sae teh sesah ya…..
Posted by Oom Somara de Uci on Maret 8, 2010 at 11:48 pm
Salam pangwanoh.
Nyawang lembur sorangan ti lembur batur, masing kumaha bae oge tetep miboga ajen luhur sakaligus magis. Kecap boh kalimah nu sanggup karumuskeun bakal jadi roronce mutiara. Bubuy Bulan nu kapungkur diserat ku Beny Corda tangtu sejen hartina lamun ditulis deui ku urang nu ngarora, komo jauh nyawangna bakal beda hartosna. Kapan geuning bulanna Beny mah,” bubuy bulan sangray bentang, panonpoe disasate” eta pralambang teh pikeun muka ” unggal bulan unggal bulan abdi teang, unggal poe unggal poe oge hade…”
naon nu diserat ku Beny suargi (alm) romantis dina jamanna, malah dugi ka kiwari, tangtos eta alatan kajujuran nalika nyeratna harita. Dipapandekeun ningal situ Ciburuy nu laukna hese dipancing, nyeredet hate ningali ngeplak caina. Horeng brasna ka duh itu saha nu ngalangkung unggal enjing, naon nya eta teh, intensitas kitu.
Hapunten, mugia hirup urang sadaya sae sareng berkah
Posted by mer on Maret 9, 2010 at 4:14 am
kang Oom, nuhun toh ameng ka pun rorompok. sumuhun, sim kuring satuju kana pairan akang.
ari ‘heheureuyan’ di seratan abdi mah maksadna abdi teh mung nyobian ‘heureuy’ nganggo piano…. ari Bubuy Bulan na mah… tetep romantis, kecap2 sareng kalimahna, sareng melodina, teu robah ku jamah…
Posted by LieZMaya on April 22, 2010 at 7:03 am
hehe eta judulna meni ku araneh
simkuring urnag ciparay teteh