kanggo saderek nu keur rungsing pikir…
direkam nganggo iSight MacBook… saayana ![]()
mangga…
Teungah peuting, keur jemplang jempling
kuring nyaring, teu geunah cicing
hate meulang, sumoreang
buah ati lawas teu patepang
Cuang cieung, kuring sorangan
nunggelis di pangumbaraan
lieuk deungeun, lieuk lain
taya pisan tempat pamuntangan
Rek sasambat kasaha nyanyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan titipkeun nya diri
iwal ti ka Gusti Hyang Widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
ka Junjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pikir
Rek sasambat kasaha nyanyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan titipkeun nya diri
iwal ti ka Gusti Hyang Widi
Hiliwirkeun duh angin peuting
Pangnepikeun hariring kuring
ka Junjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pikir



Posted by reni dirgantara on Agustus 27, 2010 at 9:14 am
Wilujeng siang teh Mer… nepangkeun, sim kuring wasta pun Reni, kaleresan ayeuna nuju ngumbara di lemburna kang sarkozy…
tadi milarian eusi lagu ‘hariring kuring’ ngagoogle kaleresan mendak dina blog teteh…
duh meni asa mendak naon mah…
nuju sono ka pun biang di bandung, ngupingkeun teh Mer ngalagukeun kawih ieu… kalahka asa langkung nalangsa…
ah, tapi sawios nya teh, kita enjoy ajah tebih ti sepuh ge…
mangga ah teh permios…
hatur nuhun
Posted by mer on Séptémber 28, 2010 at 6:39 am
wilujeng wengi, teh Reni…. nuhun tos ameng ka blog abdi….
da kumaha deui atuh…. tibatan ceurik ngagukguk mah mending enjoy ya 
euleuh2… geuning matak langkung nalangsa nya ngadangukeun kawih ieu…. aduh, hampura atuh…
sumuhun, enjoy ajah nya
hatur nuhun….
Posted by littlemisskites on Nopémber 4, 2010 at 6:54 pm
sae pisan tetehh!!!!
SAEEEEEE….
( cirambayan)
Posted by mer on Pébruari 9, 2011 at 9:48 am
nuhun neng…… sono yeuuuuh..
Posted by mr.t on Nopémber 5, 2010 at 3:50 am
teh bade ngangge kaca socana moal? ahi hi hi….hatur nuhun tos amengan ka blog abi…
Posted by mer on Pébruari 9, 2011 at 9:49 am
haha.. sami2 kang..
Posted by Giri- Bekasi on Januari 31, 2011 at 3:26 am
he he he guuud . . guuud . . lah
petikan gitarnya . . beu, tobb he he .
more . . more . .
ntar deh saya juga nyanyi ini ah . .
Posted by mer on Pébruari 9, 2011 at 9:49 am
nuhun …. sok atuh mangga nyinden
Posted by zuLiG on Pébruari 9, 2011 at 8:39 am
meni keren pisan etah video teh cocok lah
Posted by mer on Pébruari 9, 2011 at 9:49 am
hatur nuhun kang zuLIG…
Posted by Giri- Bekasi on Maret 11, 2011 at 1:57 am
Taaah . . ini saya yg nyanyiii . . . soook ah nyanyi deui .
Posted by Giri- Bekasi on Maret 11, 2011 at 2:00 am
taah deui ah lagu Kang doel’s