Sim kuring teh mojang Priangan. Asal ti Dayeuhkolot, Bandung. Pun bapa namina (kang) Encep, pun biang disebatna (ceu) Cicin. Tos genep taun setengah abdi teh ngumbara ninggalkeun Dayeuh. Namung abdi mah tetep deudeuh ka Dayeuhkolot, pun lembur. Abdi ngadamel blog ieu supados teu hilap kumaha carana nyarios/nyerat nganggo basa Sunda. Hapunten upami seueur kalepatan dina undak-usuk basa Sunda abdi.

Salian di dieu, abdi oge nge-blog di Mer’s Bytes of Bites (basa Inggeris) sareng Celoteh Mer (basa Indonesia).

Mangga……

16 Comments

  1. sihoréng aya ogé blog teh mer di worpress. manawi kersa ‘kin ku abdi dipangdamelkeun header kanggé dipasang didieu.

  2. alah… tos aya geuning ? da tadi mah teu kaluar, sanajan sababaraha kali neken F5 :(

    • Odoy
    • Posted October 7, 2006 at 2:27 pm
    • Permalink

    Duh bagja pisan geuningan anjun teh upami leres tea mah masih emut ka bali geusan ngajadi, sami pun abdi oge kawit mah ti dayeuh kolot, mung ayeuna nuju ngumbara milarian pangalaman. hatur nuhun.

  3. giwangkara: nuhun kang tos nyaba ka rorompok abdi. upami hoyong mangdamelkeun header mah, ditampi atuh…. hatur nuhun pisan.

    odoy: euleuh2, geuningan batur salembur. meni resep tiasa amprok sareng urang dayeuhkolot.

  4. punten ah, bade ngiring nyarios, saking bungahna tiasa maca blog basa sunda. Nembe simkuring mendakan blog nu siga kieu.

    nuhun ah, mudah2an basa sunda tetep jaya!

    • Kagunie
    • Posted February 22, 2007 at 6:22 am
    • Permalink

    alah meuni bagja aya keneh nu inget ka basa urang nu endah ieu teh…
    sok atuh teraskeun sina ageung jeung terus berkembang…

  5. budisatia: duh nuhun nya tos namu ka rorompok abdi….. hidup basa sunda!

    kagunie: abdi oge ngiring bagja tiada mendakan batur salembur….. nuhun pisan.

  6. dupi salira teh nuju ngumbara di manten?

  7. asa kantos tepang sareng si teteh

  8. Langkung tipayun paralun anu kasuhun, wening galih anu dipamrih, hapunten anu diteda. Sim kuring rumaos parantos kumawantun nganjang ka Blog Salira .. tumbu laku kaukur ku umur, mawa seja panghegar manah nu bingah.
    Salajengna, simkuring nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genteng beulokeun. Niat Sim kuring teu aya sanes mung hoyong janten sadulur nu akur, baraya nu di seja. Umumnamah…silaturahmi.
    Rampung dawuh tuntas pangandika… jembarna hate estu nu di seja.

  9. salam kenal teh ti Bale Endah..hihiih..meni asa tebih2 teuing ngumbara teh…

    • ariswanrisna
    • Posted May 26, 2008 at 10:41 am
    • Permalink

    Nepangkeun, abdi pamuda ti palih wetan, ti Tasik (sanes ti Tanic, he-he-he). Ngiring bingah ah, aya mojang Priangan anu teuneung & ludeung, hiber tebih ti lembur. Sawaktos-waktos mah hoyong ngiring dina Mer’s Bite Of Bytes, diajar ngobrol English. Namung upami lepat pamugi dipasihan komentar. Sakitu heula ah salam kenalna.

  10. nepangkeun teh, sami-sami mojang bandung, abdi kuliah di dayeuhkolot :) salam kenal meni asa saredih nyaksikeun aya urang sunda nu tos ngumbara ka mana-mana tapi teu hilap kana asal usulna, hese pisan milarian nu kieu teh :)

  11. Biho: ayeuna mah nuju di Amerika, kang

    pacarterbang: upami urang Bandung mah, meureun kantos patepang…. di pasar baru :p

    GerentesHate: duh meni sae basa Sundana… nuhun pisan tos ameng ka pun blog.

    mr.t: salam kenal kang… tebih… hehe.. muhun tebih :)

    ariswanrisna: salam kenal.. sami-sami diajar lah kang… kumaha Tasik? jaya? :p

    ninoy: sami2 nepangkeun atuh. euleuh2 batur salembur geuning? kuliah di dayeuhkolot mah biasana di STT Telkom nya? hampura upami lepat :)

    • Uum
    • Posted July 1, 2008 at 9:27 am
    • Permalink

    Punten pisan Teh Mel, tiasa teu sim kuring nyuhunkeun email pribadosna? sim kuring hoyong konsultasi ka teteh perkawis kuliahan tapi ngange biaya ti nu saneus alias gratis. Nuhun pisan teh

    • neneng Rosmy
    • Posted August 5, 2008 at 8:56 am
    • Permalink

    Meuni resep ngedengekeun lagu di Blog teh Mer, jadi seuri sorangan..kahibur kitu. Halah..asli pokokna mah hebat!

Post a Comment

*
*