Category Archives: baceo

versi bahasa indonesia lihat: http://merlyna.blogspot.com/2008/01/selamat-tinggal-2007-selamat-datang.html
english version see: http://www.merlyna.org/blog/index.php/2008/2007/

angin peuting ngahiliwir. mapagkeun kuring ka taun anyar. yen emutan kuring kacangreud keneh ku taun 2007. taun nu pinuh carita. dongeng pikaseudiheun. dongeng pikabungaheun. dongeng pikaseurieun.

angin sumeleket. nyangkredkeun kamelang. rebuan gambar ngalanglayungan pun impenan. ti tempe ka yale. ti angkor di kamboja ka tokyo di jepang. ti manhatan new york ka jogja. namung gambaran lembur kuring, di dayeuhkolot, nu ngumalayangkeun angeun. ngucurkeun cimata simpe.

2007, taun nu pinuh kurnia……

wilujeng nyorang taun 2008!

a lonely flower, by mer 2007

Sarupi kembang malati nu katincak kapopohokeun yen seungitna ngahaliwir ngarebak kamamana, saucap hampura merdekakeun hate nu kacangred

Sarupi ci hujan ngawasuh taneuh garing, sadepa hampura ngubaran hate nu nalangsa

Sakeclak hampura ngawaler kawih ati nu neang welas asih

Wilujeng boboron siam, saderek sadayanana

Teu karaos… tos sasih Agustus deui. Kuring tos mulih ka Tempe deui. Teu terang iraha kuring bakal neang pun lembur, Dayeuh Kolot, deui. Mugi-mugi kirang ti sataun.

Tujuh minggu kalangkung teh meni asik. Sok emut sorangan nginget-nginget kajadian2 nu lalucu. Kukurilingan di Asia teh meni pikaresepeun. Hihiberan  ka Hong Kong, Manila, Dayeuh, Singapur, Saigon, Siem Reap, Phnom Penh, sareng Kuala Lumpur. Haratis deuih. Kumaha teu resep nya?

Ah, tos ah. Ngimpen-na engke deui. Ayeuna mah kedah didamel heula yeuh.

a sequel to Jangar 1.0

Srengenge

sateuacan caranghang tihang
panon poe geus mawa caang
isuk-isuk telepon nyasar nyangsang
kuring kapaksa ngorejat hudang

musim halodo di tempe
sok matak ngabebete
sagala jadi hararese
matak hoream digawe

langit arizona gorowong
letah seuneu nyaronyob
ngahebos nyongkab angon
kuring jangar bari monyong!!!!!

lady day, tempe, 5 juni 2007, wanci ngampih laleur

Taya nu anyar. Dayeuhkolot mah disebut dina suratkabar atanapi koran teh mung ukur dina warta banjir atawa macet. Lembur kuring teh emang meuni teu aya bosenna banjir jeung macet. Unggal taun, kudu wae banjir sakali atawa dua kali. Meuni getol pisan kanu banjir teh. Ari macet mah tong ditanya. Teu banjir oge, Dayeuhkolot mah tos macet!

Kumaha teu macet. Jalan-na pan garehol bari seueur bolong jiga nu bopeng. enTreuk, angkot, jeung mobil2 pribados oge seueur pisan ngaheuheurin jalan. Da eta atuh, meuni seueur pabrik di Banjaran,  Majalaya, sareng di Dayeuhkolot, janten bubaran didamel mah kacida macetna.

Masih ceukas di imutan kuring, unggal enjing tabuh 7-an sareng sonten tabuh 5-an, jalan payuneun pun rorompok teh meuni heurin. Mobil, treuk, beca’, motor, beus sasarimpetan di jalan. Rieut!

Ah, iraha nya Dayeuhkolot bakal bebas tina banjir sareng macet? Mugi-mugi wae…. 5-10 taun kapayun aya kaajaiban. Ngimpen euy…… keun bae ah, ngimpen mah ngeunyaaaaah.

Ganti taun, muga mawa kamajuan….
Ganti taun, ginanjar karaharjaan…..
Geten, titen, ……

“Ganti taun”…. eta tembang nu dihariringkeun ku kuring sareng rerencangan waktos ngiringan rampak sekar di es-em-pe. Tos limabelas taun langkung! Matak ngan inget sakitu-kituna…. tos lepat lirik salengkepna mah.

Keun bae lah, lepat oge. Teteup we, tembang ieu bakal janten du’a kuring kanggo taun 2007.

Wilujeng taun 2007!

Dua minggu nu kapengker, kuring nyaba ka Ostrali. Sanes nyaba-nyaba teuing da seueur kagiatan. Kuring ngabako di hiji konprensi, dua workshop, sareng tilu kuliah publik. Tapi nya tetep aya waktos sakedik (kabur-kaburan tea) kanggo wara-wiri di nagara kangguru tea.

Ostrali teh meuni pikabetaheun pisan. Kota-kotana sarae pisan. Jalmi2na aramis budi. Kopi sareng coklat panas na edun, raos pisan lah. Pokokna mah teu kaduhung ngapung belasan jam (ampir 20 jam) x dua, ninggalkeun Tempe nu keur panas ngahodhod dua minggu.

Nu matak moal poho ti Ostrali teh, salian kopi, kota2na, sareng jalmi2na, si kangguru sareng koala na nu khas tea. Sanes ceu-guru nya…. mung aya si akang wungkul. Kuring nyobian masihan makan maraban kangguru. Meuni bageur pisan kangguru teh, lindeuk, teu baringas. Ari koala mah sanes lindeuk wungkul, namung oge lucu jeung pijembeleun. Kuring nyobian ngekeupan koala. Meuni anteng geura si koala teh dikeukeupan ku abdi. Haneut meureun nya.. hehe.

Pokona mah Ostrali teh asik lah. Upami aya kasempatan deui, kuring hoyong lah nyaba deui ka nagri si koala.

Kuring nuju emok andeprok dina lawang panto. Ceuk kolot mah pamali. Nongtot jodo, ceunah. Ah, sabodo teuing…. nu penting mah tiasa ngainternet. Da atuh naha bet endet-endetan pisan internet wireless di hotel teh. GSM… Geser Sakedik Maot…

Duh, ngeunyah geuning…. nundutan bari heuay di lawang panto teh. Angin ting panghiliwir…. zzzzZzzzzzzzZZZzzzzzZzzzzz……..

Tos lami euy teu tatarucingan. Keur leutik mah, kaulinan kuring teh tatarucingan. Biasana mah sareng pun nini, Ma’ Ene tea, sareng si Wawang, misan kuring nu pang-gaul-na.

Aya sababaraha tatarucingan ti pun nini nu kuring inget keneh… cobian nya..

1. Hayam rintik nonggeng ka langit.

2. Bapana ngudud,  indungna nyeuseuh, anakna ceurik.

3. Luarna koneng, eusina bodas, karesep monyet.

Cobaan teguh…. naon tah eusina???

Waktos abdi alit keneh, abdi sok resep ameng sareng pun nini. Pun nini, Ma’ Ene disebatna ku tatangga, teu tiasaeun nyarios basa Indonesia. Anjeunna mah mung nyarios basa Sunda. Janten di bumi oge, sareng pun nini mah tara nganggo basa Indonesia.

Ma’ Ene teh teu tiasa nyerat, teu tiasa maca, namung pinter ngadongeng. Seueur pisan carios sareng dongeng nu rame. Abdi teh salah sahiji incu paporit Ma’ Ene. Waktos es-de keneh mah, unggal wengi abdi teh ngumpul sareng Ma’ Ene. Ngadangukeun dongeng bari nundutan. Dongeng, ngabobodo budak cengeng, ceunah mah nya?

Pun nini teh teu ngasaan sakola. Namung Ma’ Ene mah gaduh sumangat nu ageung hoyong diajar. Waktos abdi kelas tilu es-de, Ma’ Ene tiasa nulis ngaran anjeunna sorangan sareng tiasa milang.

Ma’ Ene oge sumanget pisan ngawulang diajar basa Indonesia. Sok rajin tumaros ka abdi… Ari ieu basa Indonesa-na naon? Ari itu? Ari ieu? Waktos Ma’ Ene pupus — abdi es-em-pe kelas tilu — anjeunna tos tiasa nyarios basa Indonesia satengah-satengah.

Sok aya wae nu pikaseurieun dina basa Indonesia Ma’ Ene teh. Conto-na mah soal ‘buah’. Pan Ema teh naroskeun, “Upami tangkal basa Indonesia-na naon?” Abdi ngawaler, “Pohon, Ma”. Teras Ma’ Ene naros deui, “Upami buah basa Indonesia-na naon?” “Mangga, Ma,” ceuk abdi teh.

Kabeneran di hareupeun rorompok teh aya tangkal buah. Ma Ene teh janten sok nyarios ka tatangga, “Ini pohon teh belum ada manggah-nyah”. Wah, pinter geuning si Ema teh….

Di hareupeun rorompok oge aya tangkal sejen. Tangkal jambu. Hiji poe, tatangga naroskeun ka Ma’ Ene. “Ini pohon jambu, ya Ma?” Ma Ene ngawaler, “Iyah, ini pohon belum ada manggahnya”. Si tatangga teh lieur-eun…. teras naros, “Ma’, bukannya ini pohon jambu?” “Iyah, inih pohon jambuh, tapi belum ada manggahnyah,” saur Ema. Si tatangga mangkin lieur bin jangar…. matak ngaleos weeee.

Teu lami, abdi nerangkeun ka pun nini yen mangga teh “buah”, ari bubuahan mah tetep wae buah. Namung pun nini teh teu ngartoseun. Da sesah ngartosna atuh nya. Matak lieur. Pan buah teh mangga, naha bet salah?

Abdi seuri. Teu nanaon, Ma’ Ene. Buah teh leres mangga. Meuni manis…. Ma’ Ene meuni kacida polosna. Matak sok sono ka Ma’ Ene. Pun nini nu polos sareng welas asih. Ma’ Ene, abdi mikaasih ka anjeun……..