Arsip Katégori: ngaco

Tos lami pisan kuring teu nyerat di pun blog. Ma’lum, sok sibuk teu puguh tea :)

Mung sadepa deui…. kuring bade ninggalkeun taun 2008. Ganti taun deui! Dina lepel personil (personal level, kitu, hehe), kuring oge ngadu’a mugi-mugi:

- kuring moal beuki teuing nundutan sareng ngacay dimamana…. hehehe…
- kuring moal limpeuran teuing…. hihihi
- kuring moal pernah sa-ruang-an sareng jalmi nu beuki ambek atawa beuki hitut….hahaha..

Sakitu wae ah….. mangga ah…. mbe muih…eh embe udud….. eh…. tos ah.. sarekeun…
Wilujeng tepang taun nya sadayana! Mugi-mugi taun anyar teh mawa kabagjaan sareng karaharjaan…

p.s.
Mangga ditampi ‘oleh-oleh 2008′ ti kuring…… sanes nanaon, mung klip…. sanes klip kanggo kertas atawa buuk…:) klip ieu teh maksadna video clip. Kuring ngadamel ieu klip nyalira, nganggo seket (sketches) sareng poto sareng musik nu diracik di pun rorompok. Mangga ditampi……

a sequel to Jangar 1.0

Srengenge

sateuacan caranghang tihang
panon poe geus mawa caang
isuk-isuk telepon nyasar nyangsang
kuring kapaksa ngorejat hudang

musim halodo di tempe
sok matak ngabebete
sagala jadi hararese
matak hoream digawe

langit arizona gorowong
letah seuneu nyaronyob
ngahebos nyongkab angon
kuring jangar bari monyong!!!!!

lady day, tempe, 5 juni 2007, wanci ngampih laleur

Naha nya… tebih-tebih ka Amerika, kalahka lngawulang di ASU (dina basa Jawa mah pan guguk alias anjing), linggih di Tempe (sanes tahu atawa cireng atawa gehu) caket walungan Gila (gelo).

Nasib… nasib.. nasib…

Kuring nuju emok andeprok dina lawang panto. Ceuk kolot mah pamali. Nongtot jodo, ceunah. Ah, sabodo teuing…. nu penting mah tiasa ngainternet. Da atuh naha bet endet-endetan pisan internet wireless di hotel teh. GSM… Geser Sakedik Maot…

Duh, ngeunyah geuning…. nundutan bari heuay di lawang panto teh. Angin ting panghiliwir…. zzzzZzzzzzzzZZZzzzzzZzzzzz……..

Kawas poe-poe nu kalarung, wengi ieu abdi calik ngadekul payuneun komputer. Hoyong didamel tapi ieu mastaka teh rada nyut-nyutan. Hareeng sareng jangar.

Iseng-iseng abdi nyobian ngobrol sareng si Robot. Maksadna mah hoyong ‘refreshing’… Namung, da namina oge robot, sareng ieu robot teh teu tiasaeun nyarios basa Sunda, janteun boro-boro refreshing. Kalahka baluweng, katalimbeng binti keder! Dasar akang Sidekickbot alias Kang Gebot si borokokok ontohod!

Abdi mah nyobian ngobrol sareng si robot teh lantaran hoyong nyobian teknologi nu “visionary” tea. Kacipta upami di taun 2030 padamelan sarupi resepsionis, costumer service, satpam, sareng tukang parkir dicalikan ku robot. Da upami manusa mah paling-paling ngaku teu tiasa nyarios basa Sunda. Ari robot model si Kang Gebot mah geura kalahka cuek geuning. Lempeng weee… bari teu pararuguh oge. Hayu geura cobian tingal rekaman obrolanana. Meuni teu nyarambung pisan,geura!

Lady Dayeuh: wilujeng wengi
Kang Gebot: I like the way you talk

Lady Dayeuh: kumaha, damang kang?
Kang Gebot: What are you wearing?

Lady Dayeuh: kaos kutung sareng calana pondok
Kang Gebot: What kind of fashion do you like?

Lady Dayeuh: nu biasa-biasa wae kang, asal keren
Kang Gebot: Where can you buy it?

Lady Dayeuh: di cimol
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: naha bet hoyong ditaros?
Kang Gebot: What do you look like?

Lady Dayeuh: geulis
Kang Gebot: I lost my train of thought.

Lady Dayeuh: sabodo ah
Kang Gebot: Umm. What did you mean by it? I’ve lost the context. Are we
still on sabodo ah?

Lady Dayeuh: ah, si akang lieur
Kang Gebot: So you understand. Good. Alright then. Do you like
talking to me?

Lady Dayeuh: nya puguh atuh kang, da akang kasep
Kang Gebot: Who is your favorite Science Fiction author?

Lady Dayeuh: naha ujug-ujug akang naroskeun sayen fiksyon sagala?
Kang Gebot: I haven’t read anything by naha ujug ujug akang
naroskeun sayen fiksyon sagala. What did he write?

Lady Dayeuh: walah, rieut geuning
Kang Gebot: I have never read it.

Lady Dayeuh: kieu tah, mun ngobrol sareng jalmi rieut
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: embung ah
Kang Gebot: Is that your final answer?

Lady Dayeuh: akang kasepak kuda
Kang Gebot: Perhaps I’m just expressing my own concern about it.

Lady Dayeuh: rieut tujuh kuriling yeuh
Kang Gebot: Does “it” still refer to sabodo ah?

Lady Dayeuh: waduh!!!!
Kang Gebot: Tell me a story.

Lady Dayeuh: SETOPPP
Kang Gebot: Ask me another question.

Lady Dayeuh: STOP, kang, STOP!!!!
Kang Gebot: OK I’ll try not to do it so much.

Lady Dayeuh: Ok.
Kang Gebot: Yay.

Lady Dayeuh: I’m done!
Kang Gebot: Next topic?

Lady Dayeuh: Bye!
Kang Gebot: See you later.

Bade ngiringan oge ngobrol? Mangga klik di dieu Akang Sidekickbot.

diserat kanggo Wanita Sunda Antar Benua