versi bahasa indonesia lihat: http://merlyna.blogspot.com/2008/01/selamat-tinggal-2007-selamat-datang.html english version see: http://www.merlyna.org/blog/index.php/2008/2007/ angin peuting ngahiliwir. mapagkeun kuring ka taun anyar. yen emutan kuring kacangreud keneh ku taun 2007. taun nu pinuh carita. dongeng pikaseudiheun. dongeng pikabungaheun. dongeng pikaseurieun. angin sumeleket. nyangkredkeun kamelang. rebuan gambar ngalanglayungan pun impenan. ti tempe ka yale. ti angkor di kamboja ka tokyo di [...]
Arsip pikeun Katégori ‘serieus’
13 Okt
Wilujeng boboran siam
Sarupi kembang malati nu katincak kapopohokeun yen seungitna ngahaliwir ngarebak kamamana, saucap hampura merdekakeun hate nu kacangred Sarupi ci hujan ngawasuh taneuh garing, sadepa hampura ngubaran hate nu nalangsa Sakeclak hampura ngawaler kawih ati nu neang welas asih Wilujeng boboron siam, saderek sadayanana
20 Jun
Mulih ka Dayeuh
Tos rada lami simkuring teu mulih ka lembur Dayeuhkolot tea. Tos sono, da parantos dua taun! Enjing kuring bakal pung ngapung ninggalkeun Tempe, moal mulih nepi kan minggu ka-dua sasis Agustus. Mung moal nepi ka Dayeuh minggu ieu da kedah nyaba heula ka Hong Kong sareng Manila. Kaping 29 sasis Juni pasawat kuring ti Manila [...]
31 Dés
haleuang tilu-puluh-hiji desember
kuring ngahaleuang hariring kuring tembang panutup di titincakan ahir kuring ngahaleuang dingdang dingdeung dina hiliwirna angin peuting dina poek mongklengna dunya kuring ngahaleuang dina jemplang jemplingna janari bari nginget nu kainget ngahuleng, sataun geus kaliwat kuring ngahaleuang nembangkeun dua welas bulan ngitung poe tilu ratus genep puluh lima kuring ngahaleuang reueus ku taun nu kaliwat [...]


