Parantos sasasih abdi mulih ka Bandung. Sateuacan nepi ke Bandung, abdi nyangken pun lembur teh moal robih-robih teuing. Abdi lepat. Bandung teh tos robih pisan. Waktos abdi nyobian nyetir deui for the first time, abdi lieur bin jangar. Nepikeun ka nyasab ka leuweung sagala.. eh, maksadna mah sanes leuweung forest euy…. tapi leuweung outlet!?!?!
Teungteuingeun atuh, Lady Dayeuh kasasar mah… meuni isin atuh!!!
Bandung, Bandung, Bandung nelah kota Kembang, Dilingkung gunung, heurin ku tangtung, Puseur kota nu mulya Parahiyangan, Pada muru, dijarugjugan.
Tembang buhun ieu diciptakeun puluhan taun nu kalangkung. Namung, parantos ngagambarkeun kaayaan Bandung nu krowdit, nepi keun nangtung oge hararese. Ayeuna mah, tos kacida heurinna. Lain heurin ku tangtung wungkul. Bandung oge heurin ke angkot, mobil pribados, mal, kape, sareng eP-O. Ah, Bandung…. Bandung….bade janten naon atuh anjeun teh?
bandung, july 2005
Posted by yusuf on Juli 22, 2006 at 11:18 am
bandung teh ayeuna boga peringkat alus, “kota terkotor”, karak bulan kamari nerima pialana jeung Bekasi… tah kitu bandung ayeuna teh..
Posted by missdayeuh on Juli 27, 2006 at 8:40 am
yusuf:
aduh… meuni watir-nya ningal kota Bandung teh. ngadangu mah ayeuna teh runtah ngagunuk di mana-mana…
Posted by Fany on Méi 11, 2010 at 9:05 am
BanDung ayEuna mah panazzzzzzzzzzzzzz……………………….