Tatarucingan (1)

Tos lami euy teu tatarucingan. Keur leutik mah, kaulinan kuring teh tatarucingan. Biasana mah sareng pun nini, Ma’ Ene tea, sareng si Wawang, misan kuring nu pang-gaul-na.

Aya sababaraha tatarucingan ti pun nini nu kuring inget keneh… cobian nya..

1. Hayam rintik nonggeng ka langit.

2. Bapana ngudud,  indungna nyeuseuh, anakna ceurik.

3. Luarna koneng, eusina bodas, karesep monyet.

Cobaan teguh…. naon tah eusina???

6 responses to this post.

  1. nyobian neguh ah…
    nu kahiji waleranana nya eta danas/ganas
    nu kadua waleranana nya eta kareta api
    nu katilu waleranana nya eta cau
    Kumaha Ceu Mer, leres teu. Upami kateguh omat kintunkeun honorna nya (hehehehe)

    Waler

  2. euleuh-euleuuuuh… jagoan geuning kang Candra! leres sadayana!
    honorna: cireng sareng cilok, mangga dicandak di Lembang 🙂

    Waler

  3. Posted by badboy on Nopémber 3, 2007 at 6:26 am

    etamah tatarucinganana gampil teuing………tah teguh ieu kunaon embe ( kambing) kaambeuna bau……? hadiah na lumayan dapat tiket gratis ke Bali ( tapi berangkatna ti Denpasar…. ha ha ha)

    Waler

  4. Posted by si badeur on Désémber 11, 2007 at 1:26 pm

    Kang badboy hapunten simkuring bade culangung ngawanterkeun diri ngawaler tatarucingan kang badboy.
    Naha embe make bau kaambeuna? ke ke ke sigana walerana (tapi hapuntenyeuh) pami embe sengitmah hente bau tea kang badboy pasti bogoh he he he

    Waler

  5. kang badboy, eta jawaban ti kang badeur leres teu?

    hahaha…

    Waler

Waler si badeur Bolaykeun waleran