Bobodoran ala Kang Ibing

Sawewengi abdi teh ngemutan Kang Ibing nu tos teu aya sareng gojegan2 Kang Ibing nu kacida bodorna… Jenius bin gelo!

Tah ieu koleksi bobodoran tea asli ti Kang Ibing plus aya bodoran2 sakainget ala Kang Ibing. Hatur nuhun ka neng Keti nu tos nyumbang carita…. hatur nuhun oge ka sim kuring (hahaha) nu sok ngemutan nu heunteu2 😀

2 pamabokan ngobrol: “eta bulan atawa panon poe?” “bulan euy” “ah panon poe” “urang tanyakeun atuh ka bapa2 nu ngaliwat” “pa eta bulan panonpoe?” “duka atuh cep da abdi oge jalmi enggal”.

anu mabok nyetir mobil nabrak kios. nu boga kaluar: “teu kira2 nyetir teh!” nu mabok: “tong miluan siah, garasi garasi aing”.

“doktor, abdi boga dulur teu normal sok ngarasa jiga patlot.” doktor: “mana atuh dulurna bawa kadieu?” “ieu” (bari ngaluarkeun patlot ti saku).

aya nu titeuleum dilaut euweuh nu nulungan. ngan aya hiji aki2 ngagejebur, gajleng! balik ka kapal kabeh pada muji si aki. pahlawan ceunah. ari si aki mah ngajorowok bari ngahodhod: “cicing siah saha nu nyuntrungkeun urang?”

carios jalmi su*ng. “eng embe mu’ih?” “ari maneh, kuring mah lain embe” “bade ka o’ta?” “saha nu bobogohan jeung onta?”

jelema maot ku amal2an. tukang oray maotna dipacok. tukang sumur maotna teuleum kana sumur. maenya tukang cendol maotna ku dikocek?

tentang ramadhan: begitu terdengar bedug magrib smua makanan diembat kolak dimasukin roti lenyap bakwan disiksa sandal & taraje juga dilalap.

dahareun nu digegel balik ngegel? leupeut jerona anjing edan.

aya jelema mabok ngorondang dijalan rel ditanya: “naha maneh ngorondang?” “ieu bapa aing meneran listrik naha tarajena bet panjang2 teuing.”

aya oray mabok ceurik,”pamajikan aing paeh” “mana pamajikan maneh?” “eta di juru” “eh, eta mah pan selang plastik, lain pamajikan maneh!”

yg penting itu bibitbebetbobot. bibit: sumber yg akan menurunkan, bobot: berat nilai. bebet, poho deui. bebet kadarusman jigana.

nu gelo nelepon doktor: “dok ieu babaturan meneran bohlam kasetrum” doktor: “ari maneh, tulungan atuh”. nu gelo: “har pan abdi mah bohlam”.

abunawas ditanya: “kunaon maneh kamamana mamawa panto mobil siga nu lieur?” abunawas: “supaya ngeunah. pan mun hareudang tinggal nurunkeun jandela.”

tukang beca :”ari kang ibing di imah sok ngabodor tara?” kang ibing: “ari maneh di imah sok ngabeca tara?”

29 responses to this post.

  1. Posted by Ira Soesanto on Agustus 21, 2010 at 8:58 am

    Wakakak… siborokokooook!

    Waler

  2. teh,ke sakedap, naha ieu bobodoran sakieu seueurna meni apal, tapi kana konci sok hilap ? hahahahah….

    abas:”hujan badag,poek mongkleng,keur ngiuhan,jol aya angkot,jleng we naek di hareup,pekteh euweuh jelemaan euy, euweuh supir supir na acan.duh naha ieu angkot hurung sorangan? cilaka, PASTI angkot jurig yeuh, sieun, pereum we ah, abacaan. nepika ereun d warug bi ihat. turun,aya si
    ibi, abah wiranta jeung mang kohar.nyarita we kuring teh,”tumpak angkot jurig yeuh!”.abah:…”ANGKOT JURIG BENGEUT SIAH! BATUR HUHUJANAN NGADODORONG ANGKOT,KALAHKAH MOLOR DIHAREUP!”

    hahhahhaha…LOL

    Waler

    • hahahaha….. klasik pisan bodoran jurig.

      ambu jeung kabayan pasea. ambu bendu da seueur hutang, kabayan pangedulan pisan.
      ambu: salaki atah adol. pangedulan. bungkeuleukan, jurig maneh mah. kaditu narik beca neangan duit.
      kabayan: har……. maenya jurig narik beca??????

      🙂
      p.s. sumuhun da abdi mah ieu setelanna otak ontohod. sok apal pisan nepi kan tisuksuk tidungdung kanu kieu2 nu penting dina hurip kitu ceu…… hahahaha…

      Waler

  3. mang abas hpna anyar. “ah cumeh mun teu bisa nelpon nyi ihat mah,da teu apal angka hpna pan?he3x” ceuk abah wiranta ngalelewe.”nyaho! bieu geus tlp ka nyai!” ceuk amang ngawaduk,da sidik emang teu apaleun.abah ;”ah waduk siah! sabaraha cik angka hpna?”.”ah teu kudu nyaholah,pokona mah apal weh!” ceuk amang.abah;”waduk! sok,mun emang hee…uh,naon eceuk nyai pas tadi maneh tlp?”.mang abas;”salah sambung cenah…”

    Waler

  4. susah payah baca bahasa dewa, tapi tetep ngakak LOL 😀

    Waler

  5. Posted by melly on Agustus 22, 2010 at 3:35 am

    nepi ka guling-guling. inget wae euy. teu kabayang aya sakitu banyakna

    Waler

  6. teu puguh, ceng! 🙂

    Waler

  7. Posted by heroe on Agustus 23, 2010 at 12:48 pm

    hahahhaha
    eta anu panglucuna anu mabok ngorondang.. ngahahhahaha

    Waler

  8. aya keneh, teh. kela diemut heula…*refresh memory*

    Waler

  9. Alhamdulillah pangesto teh, kumaha sawalerna?
    Nuju dimana yeuh, di tanah air dayeuhkolot sanes teh?

    Waler

  10. Duh dugi ka reumbay ci panon bakat ku lucu…heheuu

    Waler

  11. Posted by adul on Juli 28, 2011 at 11:44 am

    Meni lucu dongeng ibing….
    Hiji poe aki2 kokotetengan ka kamar terus ka kamar mandi hayoh bolak balik.
    Nini : aki kunaon bangun nu lieur bulak balik ciga sepur wae. Aki : Naaa ari maneh, lain mantuan neangan kalah nyebut aki ciga sepur.. Ieu huntu palsu aki leungit.
    Nini : leungit dimana aki…
    Aki : nyasat oge leungit ari kanyahoan leungitna dimana mah
    Nini : dasar pikuuun si aki mah.. Heug atuh nini mantuan neangan, rek mandi heula atuh..
    Sajeroning dikamar mandi si nini ngagoak… Akiiiiiiiii
    Si aki hariweusweus reuwas bisi si nini kumahaonam. Barang di teang di kamarmandi sinini keur molotot bari ngadegdeg…
    Aki : aya naon nini ????
    Nini : ieu.. Aaaa ki aya aa aanu ngegel dina pingping nini, bari tutunjuk kana pingping na….
    Barang ditingali huntu palsu si aki nempel ngagegel dina pingping si nini…
    Aki : jadol siah huntu teh cunihin pisan miheulaan aing.. Wani wani ngagadabah…
    Dasar si aki pikun geus poho lamun peuting geus neang si nini.

    Waler

  12. “ari bapa maneh selingkuh kitu euy jeung indung Urang? Pedah weh ceuk batur mah loba nu ngomong maneh jeung urang teh kembar mirip pisan beungeut na ceunah, bener kitu euy??” Ceuk Adul Nanya Ka Monyet

    Waler

  13. “Aing teu sieun ku sia, Aing Wani ka Sia, Sok yeuh Kadek beuheung Aing, Sia tong Balaga hirup teh” Ceuk Adul ngomong ka Preman nu keur ngaguheur Sare

    Waler

  14. Posted by yadi on Désémber 25, 2011 at 4:11 pm

    duh sakapeumg sok sono ngupingkeun kang ibing siaran di radio mara, unggal wengi jumaah teh sok di arep arep ayeunamah teu aya arep arepeunmugia kang ibing sing ditempatkeun mungguhing Alloh

    Waler

  15. Posted by rangga on Juni 10, 2013 at 4:35 am

    aya hiji carita, aki-aki keur anteng nyoo bobogaan dikaluar-asupkeun kana botol nepi soraan “sebling”,,torojol si udin, ninggali eta si aki keur “ulin” botol…
    udin: hayooo…aki,keur naon??bejakeun ahh…
    aki : ulah jang ulah…sok hayang naon, asal tong beja2
    digigir si aki aya tangkal buah nu sakitu leubeutna tur arasak, reret si udin kana buah,
    udin : ki hayang buah.
    aki : jug ngala cing loba
    udin :asik..
    isukna udin ninggali si aki keur ngabedahkeun lauk, si udin hayang..
    udin : ki, sebling….
    aki : aeh..aeh jang,,sok kadieu,hayang sakumaha sok we nyandak
    isukna, si aki keur panen jagong
    udin : ki, sebling…..
    aki : jang tong isin2 kop nyandak sing seueur
    isukna deui si aki keur meuncit hayam
    udin : ki..sebling…
    langsung si aki teu asa2 barang bere ka udin da sieun kanyahoan tea,
    torojol aya dadang nu panasaran ku pamolah si udin;
    dadang : si udin mun ngomong “sebling” langsung dibere sagala ku si aki teh, ah hayang urang ge
    dadang ninggali si aki keur moe pare…jol spontan ngmong ki “sebling” da hayang dibere,
    tembal ku si aki..kadieu jang dadang, kadieu….tuturubun jang dadang lumpat ka si aki bari atoh tea, da pamikirna bakal dibere sagala..pas geus deukeut jang dadang digetok ku botol ku si aki sabari ngmong “gandeng goblog,sia mah teu nyaho mimitina”

    Waler

  16. Posted by Kang ibing on Juli 14, 2013 at 7:17 am

    Ha nurame mah carita di bobos

    Waler

  17. Awesome things here. I’m very glad to look your post.
    Thanks a lot and I’m having a look forward to contact you.

    Will you kindly drop me a mail?

    Waler

  18. Posted by Fuerccrg on April 14, 2018 at 3:03 am

    com, discusses how LeBron James is actually the Cavaliers’ problem, saying ?€?LeBron James, yes the ?€?King?€? himself, is the problem with the Cavs.
    The Hornets were 8-14 in games decided by 5 points or less.
    And we feel like these eight starters at all four of our full-season (minor-league) levels are the priority to get the innings.

    Vasiljevic led Australia in scoring at the 2015 U19 FIBA World Championships with 13.
    That?€?s 24 goals the offense could have used to secure more victories and a chance for the playoffs.

    Waler

  19. Posted by Clhlpmbc on April 14, 2018 at 3:07 am

    In the past 20 years, only Torii Hunter (once) and Joe Mauer (four times) have started an All-Star game.
    and if it’s not going to come from within, as the currently somnambulant Astros can’t seem to get their respective and collective acts together, then a jolt needs to arrive from elsewhere.
    He has a bit of a concern in motivation and drive but there are hopes that Brad Stevens can tap into his potential.

    After another embarrassing loss at home, the New York Rangers are gearing up for a crucial weekend.
    Rhode Island had a 46-38 lead at half time, but Dillon Brooks and the Ducks turned up the defense and outscored the Rams 37-26 in the second half.

    Waler

Tunda talatah